Released on March 2, 2025

Thumbnail

Awak cape

Batin cape

Loba nyeri dina hate

Kitu kieu pek teh bae

Raga hirup jerona paeh

(jang Bahir disini yuh)

Ngalakonan hirup teu gampang

Loba mudun jeung tanjakan

Pasang surut na lautan

Aya halodo ejeung hujan

Kitu oge kahirupan

Teu samulus tol sumedang

Loba keneh sukuraneun

Jagjag keneh bisa madang

Kadang sok hayang nggeusan

Tapi nyerah lain pilihan

Maju terus soal hasil mah

Da kumaha nu kagungan

Loba keneh nu berjuang

Tong ngarasa sosorangan

Hirup didunya mah emang tempatna ujian jeung cobaan

(yuh)

(ujian jeung cobaan)

(ujian jeung cobaan)

Awak cape

Batin cape

Loba nyeri dina hate

Kitu kieu pek teh bae

Raga hirup jerona paeh